Kawih Sunda
Kawih mangrupa hiji istilah anu geus lila di pikawanoh ku masyarakat Jawa Barat. Nurutkeun sajarahna, kawih teh geus ditulis dina naskah kuno “SHANGHYANG SIKSA KANDANG KARESIAN” (taun 1581 M). Luyu jeung kamekaran jaman, kawih teh beuki mekar tur di pikawanoh ku balarea. Para seniman loba nyanggi/ngarumpaka kawih. Nangkitan teh ngajembaran fungsi kawih dilingkungan masyarakat. Dina harti fungsi kawih lain ngan saukur dipake dina upacara adat anu sipatna ritual wungkul, tapi bisa oge dipake pikeun kaulinan barudak, digawe, hiburan, atawa dipasanggirikeun. Jadi hartina kawih nyaeta basa sabangsa danding anu teu make patokan pupuh, contoh kawih : Karategan pahlawan Bali geusan ngajadi, Bubuy bulan, Sapu nyere pegat simpai, jeung pileuleuyan, atawa manuk dadali, panon hideung, tokecang jeung cingcangkeling.
Kasenian Khas Sunda
1. Jaipongan
Salah sahiji jenis seni ibing nu dipirig ku gamelan, mangrupa kamekaran tina Ketuk Tilu serta nu
ngibingna bisa awewe wungkul bisa oge jenung lalaki, papasanngan.
2. Wayang Golek
Mangrupa carita pawayangan anu dimaenkeun kudalang keur digunakeun boneka anu disebut golek.
3. Pencak Silat
Mangrupa seni bela diri anu diiringan ku kawih atawa pupuh sunda.
4. Degung
Seni musik anu waditrana gamelan, degung. Biasana dibere ngan ku kawih (seni sora) serta tara
diibingan.
5. Tembang
Jenis seni sora anu dipirig ku kecapi indung, kecapi rincig jeung suling.
6. Gondang
Salah sahiji jenis seni campuran antara seni ibing, seni sora jeung drama anu dipirig ku waditra lisung
jeung halu. Biasana palakuna papasangan.
7. Reog
Jenis seni bobodoran nu diselang ku ngawih serta dipintonkeun ku para palaku bari ngais dogdog.
8. Rudat
Pitonan seni terebang nu dikawihan.
9. Calung
Satuanana sarua jeung angklung, serta dimaenkeun kucara ditakol. Hiji panakol aya anu dimaenkeun
sambari leumpang aya oge anu dimaenkeun dijero ruangan.
10. Angklung
Wangun kasenian anu waditrana dijieun tina awi, sarta dimaenkeun ku cara digoyangkeun.
Alat Musik Daerah Jawa Barat
1. Angklung
Alat musik anu waditrana dijieun tina awi. Angklung dimaenkeun ku cara digoyangkeun sapasang atau
dina sahiji rak. Sajarahna angklung digunakeun keur meriahkeun pesta panen disawah, keur ngarak
pawai pare samemeh diasupkun ka lumbung, jeung ngiringan. Tokoh musik angklung nayaeta Daeng
Sutrisna.
2. Degung
Saperangkat alat musik gamelan anu fungsina keur ngiringan upacara adat atawa upacara kaagamaan.
Ayeuna mah gamelan degung digunakeun keur ngiringan gendhing, peking, gong, gendhong, suling,
kecapi jeung rebab.
3. Gendhing Cianjuran
Nyaeta jenis musik nu nonjol keun vokal khas Cianjur (Ngawih) sarta digunakeun keur sarana hiburan
bangsawan sunda, biasana dipirig ku kacapi, atawa rebab.
4. Arumba
Nyaeta haleuang rumpun awi, prinsipna sarua jeung angkling, sarta dimaenkeun kucara ditakol. Tokoh
arumba nyaeta Yos Rosadi, Sukardi
No comments:
Post a Comment